Minggu, November 09, 2008

Jatuk Rami Neng Indah ka Cep Jefri

Assalamu'alaikm Wr. Wb.
Diwuwuh kun Alhamdu bari diwiwitan ku Bismillah dipihatur ku kecap sukur ka dat anu Maha Gofur. Solawat sinareng salam mugia tetep dikucurkeun kanggo jungjunan urang sadaya Kang jeng Nabi Muhammad SAW, Rosul pilihan. Amin!
Para wargi sadaya anu ku sim kuring dipihurmat, langkung ti payun salaku panumbu catur pangjajap acara, dina danget ieu ngahaturkeun nuhun laksa keti kabingahan, saur paripaos mah ngaraos kagunturan madu kaurugan menyam putih wireh urang sadaya tiasa tepang dina ieu pasamoan kalayan disimbeuh ku mangrupi rupi kani'matan oge kasinugrahan ti Alloh nu Maha Kawasa.Kumargi kitu sim kuring ngiring ngawilujengkeun kana kasumpingan para tatamu anu katingal ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut nyarengan calon panganten pameget anu parantos diantos antos, saur paripaos nyeri beuheung sosonggeteun, mangga atuh sadayana linggih dina tempat anu parantos disayogikeun.
Atuh kantenan kanggo calon panaganten mah geus pasini janji hoyong engal-engal ngahiji kalayan ngaitkeun ati dina laki rabi nyaeta kersana Neng Indah ka Cep Jefri.
Simkuring salaku panumbu catur pangjajap acara baris ngadugikeun runtuyan acara anu bakal kapidangkeun dina danget ieu nyaeta:
Kahiji: Pangbubuka ku pangjajap acara
Kadua: Galindengna kalam Illahi anu bakal diaoskeun ku kersana K.H. Ibrohim ti Pasantren Sagaranten.
Katilu: Biantara seren panganten ti wawakil calon panganten pameget anu baris didugikeun ku kersana Ust. Usep.
Kaopat: Biantara panampian ti wawakil calon panganten istri anu bade disanggakeun ku kersana K.H. Zen
Kalima: Panampian cacandakan anu mangrupi ciciren tali kaasih anu bade dipasrahkeun ku sepuh calon panganten pameget oge ditampi ku sepuh calon panganten istri.
Kagenep: Acara akad tikah anu baris diaping ku kersana Pangersa ti Kantor Urusan Agama Kecamatan Sukawening.
Katujuh : Do'a, didugikeun kersana K.H. Manan
Kadalapan: Tutup, anu saterasna dilajengkeun kana runtuyan acara taliparanti mangrupi Sawer.

Tidak ada komentar: